NGALAMUN
(Karya: Resa Susilawati)
Clak
cai panon ngeclak kana bantal, ret kana janela ningali lengkah anus semu
hoream.
“Rek
kamana atuh Mah…? Maenya rek ningalkeun abdi.” Pokna dina jero hate. Reket
manehna nukangan panto, ningali kaayaan imah anu simpe. Gek diuk dina handapeun
katapang. Manehna ceurik, ceurik, jeung ceurik, nyeungceurikan anu moal balik
deui.
Dua
poe katukang manehna nyieun pasualan disakola jeung di imah, indung jeung
bapana kalah beuki keuheuleun, lantaran anakna ilubiung dina pasualan
maranehanana nepi ka papisahna.
“Gusti
abdi teh rido saupami nyawa abdi dipundut, abdi tos teu kiat neuleuman kanyeri,
belut kulit kotok meuting nyeri hate anu moal aya obatna.” Pok na bari ceurik.
Imah
anu sakitu badagna ayeuna mah rehe, euweuh deui anu sok ngaganengan, euweuh
deui anu sok ngunguprak solat, jeung euweuh deui anu sok ngagaraneng. Ret kamar
indungna anu biasa sok rarapih tur aya adi na anu keur imut-imutna, ayeuna mah
ngan tingal kamar anu acak-acakan, teu bisa nahan kanyeri, geuik deui manehna
ceurik.
“Kunaon
Neng? Geus tong diceungceurikam, da eta mah kahayang indung Neng, Bapa mah da
teu niat papisah teh, ngan kumaha deui da geus takdirna meureun, sok ayeuna mah
sing bageur nya.” Pok bapana nyamat.
“Ari bapa congo-congo ku amis mun rek mais oge
puhuna.” Tembalna bari ngabalieur. Ngadenge kitu bapana ngajengkat kaluar
teuing kamana leosna. Manehna nunggelis, rek menta tulung, menta tulung kasaha,
rek nyalindung, nyalindung kasaha, ayeuna manehna hirup nyorangan.
Manehna
diuk deui dina hareupeun kaca bari ningali keclakna cai hujan, poek mongkleng
kayaanna, dor dar gelap, kilat anu mareungan kapeurih. Manehna ngajerit maratan
langit ngoceak maratan jagat. Ceurik, ceurik, jeung ceurik.
“Hey…..”
Ceuk Indra anu ngageubeugkeun manehna anu keur ngalamun.
“Eh……
sugan the teu aya batur.” Tembalna bari rada era.
“Ngalamunkeun
naon atuh tengah poe morelek kieu.” Pokna.
“Ah,
heunteu, abdi teh ngalamunkeun indung bapa abdi lamun papisah.”
“Ah…
Dodol, hayu urang ka kelas.” Indra ngajak bari nuyun.
Ahirnamah
manehna sadar tina lamunanna.
![]() |

No comments:
Post a Comment