Thursday, 10 March 2016

CARPON SUNDA, CERPEN SUNDA, CARITA PONDOK, CERITA PENDEK,

NGALAMUN
(Karya:  Resa Susilawati)

Clak cai panon ngeclak kana bantal, ret kana janela ningali lengkah anus semu hoream.
“Rek kamana atuh Mah…? Maenya rek ningalkeun abdi.” Pokna dina jero hate. Reket manehna nukangan panto, ningali kaayaan imah anu simpe. Gek diuk dina handapeun katapang. Manehna ceurik, ceurik, jeung ceurik, nyeungceurikan anu moal balik deui.
Dua poe katukang manehna nyieun pasualan disakola jeung di imah, indung jeung bapana kalah beuki keuheuleun, lantaran anakna ilubiung dina pasualan maranehanana nepi ka papisahna.
“Gusti abdi teh rido saupami nyawa abdi dipundut, abdi tos teu kiat neuleuman kanyeri, belut kulit kotok meuting nyeri hate anu moal aya obatna.” Pok na bari ceurik.
Imah anu sakitu badagna ayeuna mah rehe, euweuh deui anu sok ngaganengan, euweuh deui anu sok ngunguprak solat, jeung euweuh deui anu sok ngagaraneng. Ret kamar indungna anu biasa sok rarapih tur aya adi na anu keur imut-imutna, ayeuna mah ngan tingal kamar anu acak-acakan, teu bisa nahan kanyeri, geuik deui manehna ceurik.
“Kunaon Neng? Geus tong diceungceurikam, da eta mah kahayang indung Neng, Bapa mah da teu niat papisah teh, ngan kumaha deui da geus takdirna meureun, sok ayeuna mah sing bageur nya.” Pok bapana nyamat.



 “Ari bapa congo-congo ku amis mun rek mais oge puhuna.” Tembalna bari ngabalieur. Ngadenge kitu bapana ngajengkat kaluar teuing kamana leosna. Manehna nunggelis, rek menta tulung, menta tulung kasaha, rek nyalindung, nyalindung kasaha, ayeuna manehna hirup nyorangan.
Manehna diuk deui dina hareupeun kaca bari ningali keclakna cai hujan, poek mongkleng kayaanna, dor dar gelap, kilat anu mareungan kapeurih. Manehna ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. Ceurik, ceurik, jeung ceurik.
“Hey…..” Ceuk Indra anu ngageubeugkeun manehna anu keur ngalamun.
“Eh…… sugan the teu aya batur.” Tembalna bari rada era.
“Ngalamunkeun naon atuh tengah poe morelek kieu.” Pokna.
“Ah, heunteu, abdi teh ngalamunkeun indung bapa abdi lamun papisah.”
“Ah… Dodol, hayu urang ka kelas.” Indra ngajak bari nuyun.
Ahirnamah manehna sadar tina lamunanna.

Rounded Rectangle: Judul  :  Ngalamun
Tema  :  Kanyeuri jeung 
               katalangsara hate
Pangarang :  Resa Susilawati
Kelas  :  XI IPA 3
Loba kecap : 316 kecap.